Beranda

Selasa, 12 Agustus 2014

NGAGALANTANGKEUN KALIMAH

E. DIAJAR MACA
No. Kagiatan No. Kagiatan
17. Dina pangajaran ayeuna, murid diwanohkeun kana fonem konsonan “ny”. Ku
guru dituduhkeun heula, bari dicontoan cara ngucapkeunana. 25. 18. Kecap anu maké fonem konsonan “ny” dilarapkeun kana kalimah. Éta kalimah
téh meunang nyutat tina matéri anu dipidangkeun saméméhna. Ku kituna,
dina diajar maca ayeuna mah murid mimiti dilalanyahan ngéjah kalimah. Ieu pangajaran téh pikeun ngalatih murid dina ngucapkeun kalimah. Kahiji,
dina lebah artikulasina tepi ka jéntré dina ngucapkeun saban fonem. Kadua,
ngalatih dina ngagunakeun lentong atawa intonasi.
26. 19. Ku guru dicontoan heula cara macana, murid sina nengetan. Geus kitu
maranéhna sina nurutan sakur anu dibaca ku guru. Kecap-kecap anu aya dina kalimah téh aya anu diwangun ku saengang, dua
engang, jeung tilu engang. Dina saban kalimah aya kecap anu ngagunakeun
fonem konsonan “ny”.
27. 20 Murid dibéré tugas sina ngalalanyahan diajar maca sorangan, utamana dina
ngéjah kecap anu ngandung fonem konsonan “ny”. Alusna mah sakabéh
murid meunang giliran, sangkan bisa kanyahoan kamampuh macana. Guru ngucapkeun saban kalimah, terus ku