Beranda

Selasa, 12 Agustus 2014

Nyaritakeun Gambar

No. Kagiatan No. Kagiatan
13. Guru némbongkeun/nuduhkeun gambar jangkrik, angklung, semprong, jeung
congkrang. Guru nanya ka murid, ari ieu gambar naon waé? 35. 14. Dina pangajaran diajar maca ayeuna murid diwanohkeun kana fonem konsonan
rangkep, nyaéta kr, kl, jeung pr. Ku kituna, dina ngéjhna ogé balik deui kana
métodeu SAS. Murid sina diajar nyarita sanggeus maranéhna niténan gambar anu patali
jeung migawé pangaresep. Ku guru ditémbongkeun/dituduhkeun heula
gambarna. Aya tilu budak, nyaéta Nastiti, Koswara, jeung Soléh.
36. 15. Guru nyontoan ngéjah aksara, murid ngabarandungan, terus babarengan sina
nurutan. Geus kitu dipentés saurang-saurang. Ku guru diterangkeun, Nastiti karesepna ngurus taman hareupeun imahna.
Di taman téh loba tangkal kembang. Saban poé ku Nastiti sok dicébor.
Kembangna sok dipetikan, terus dipaké papaés dina luhur méja tamu. Ari
Koswara mah karesepna kana langlayangan. Sok nyieun sorangan, tara meuli.
Biasana pasosoré Koswara sok ngapungkeun langlayangan di lapang. Di dinya
téh tempat ngumpulna barudak anu ngadon arulin. Ari Soléh mah karesepna
ulin paparahuan di sisi balong. Sarua Soléh ogé sok nyieun paparahuan
sorangan. Lain paparahuan meunang meuli.
37. Sajeroning dicaritakeun téh, ku guru bari ditémbongkeun/dituduhkeun
gambarna, murid sina ngabarandungan. Geus kitu murid sina nyaritakeun
deui, ngagunakeun basana sorangan.
38. Saban murid dibéré tugas nyarita, ku guru dipeunteun, tepi ka lebah mana
kamampuh maranéhna dina napsirkeun gambar.