Beranda

Selasa, 12 Agustus 2014

Glosarium Sunda

aksara
= lambang ucapan
beukah
= mimiti ngagedéan, kembung
canémbrang
= ngagenclang
digunasika
= diganggu
dipigandrung = pikaresep, dipitineung
diriksa
= dipiara
hanaang
a= hayang nginum
hasiat
= kagunaan
hirup rukun
= hirup sauyunan
kacanduan
= katagihan, deudeuieun
kacapit
= kacekel saeutik
kakayon
= kakayuan, kai-kaian
leuwi
= bagian walungan anu jerona
mancawura
= awur-awuran ka saban juru
metot
= medol, narik; kabetot = katarik, kabedol
ngabuburit
= ngadagoan waktu magrib
ngangon
= nungguan ingon-ingon titah nyatuan kana jukut
nyékaskeun
= ngébréhkeun
pacekel-cekel = silih cekel, silih puntangan
paciweuh
= rarépot, loba gawé
pahatu
= teu boga indung, pahatu lalis = teu boga indung bapa
pananda sora (rarangkén aksara)
pamaéh (ø) gunana pikeun ngaleungitkeun sora /a/ dina aksara ngalagena.
pamepet gunana pikeun nambahan sora /e/ luhureun aksara ngalagena.
pamingkal gunana pikeun nambahan sora /y/ dina aksara ngalagena.
panéléng gunana pikeun nambahan sora /é/ hareupeun aksara ngalagena.
paneuleung gunana pikeun nambahan sora /eu/ luhureun aksara ngalagena.
panghulu gunana pikeun nambahan sora /i/ luhureun aksara ngalagena.
panglayar gunana pikeun nambahan sora konsonan /r/ luhureun aksara ...
pangwisad gunana pikeun nambahan sora /h/ tungtung aksara ngalagena.
panolong gunana pikeun nambahan sora /o/ tukangeun aksara ngalagena.
panyakra gunana pikeun nambahan sora /-r/ handapeun aksara ngalagena.
panyecek gunana pikeun nambahan sora /ng/ luhureun aksara ngalagena.
panyiku gunana pikeun nambahan sora /l/ handapeun aksara ngalagena.
panyuku gunana pikeun nambahan sora /u/ handapeun aksara ngalagena.